Halloween party ideas 2015

Ngaso

[random][featured2]
[random][carousel1][#f39c12]

Sanajan digawé di PT. DI, tapi Kang Épot tetep henteu poho kasenian. Komo deui sanggeus ngadahup ka Mulyati, S.Pd., anu salawasna ngarojong Kang Épot dina prosés kréatif kasenian. ”Harita akang nikah taun 1983. Ayeuna mah tos gaduh putra lima urang, incu genep urang...” pokna Kang Épot. Sanajan kitu,  sumangetna dina matéakeun seni calung teu kungsi pareum. Sajabana ti nyalung, Kang Épot ogé mibanda kaahlian ngalukis wayang jeung ngukir wayang. Sawatara ukiran wayang beunang Kang Épot ngajajar di rohangan tamu.
Henteu kapalang ngaléngkah, Kang Épot kungsi medalkeun sababaraha album calung. Taun 2010 grup Epot diadegkeun, dina taun kaduana geus bisa asup dapur rékaman. Salian ti lagu ciptaanna, aya ogé lagu-lagu calung anu dijieun ku pencipta lagu sohor, Uko Héndarto. Diantara album-album calungna aya anu dijudulan ”Halimun Gunung”, ”Sosoloyongan”, jeung sajabana. Kungsi duét jeung biduan Nani Triantini.
Nurutkeun Kang Épot, kasenian téh kudu pikalucueyun jeung pikasoleheun, sarta bisa méré mangpaat. Jadi, pikeun Kang Épot, milih nyorang kasenian téh bisa dijadikeun salahsahiji ibadah, upama diniatan ku kaihlasan. Bisa ngahibur masarakat jeung muka pacabakan ka anggota grupna, kitu diantarana. Atuh nu leuwih legana, tina karya seni téh Kang Épot miharep sangkan bisa ngageuih haté masarakat pikeun leuwih ningkatkeun katakwaan ka Nu Maha Kawasa. Tangtu baé Kang Épot mibanda pamiangan siga kitu, ku lantaran saméméh aub kana seni angklung, di Nagrog téh kungsi aktip di masarakat, misalna jadi Ketua DKM, RW, jeung bendahara LPM widang kasenian.
Calung Epot Grup kungsi diondang ka sawatara wewengkon pikeun manggung. Misalna di daérah,  Sumedang, Ciwidey, Karawang, Subang, Pagadén, jeung réa-réa deui. Kang Épot miharep sangkan calung kahareupna bisa leuwih ditarima ku kalangan generasi ngora. Ku kituna, rupaning torobosan ditarékahan ku Epot Grup, sangkan calung leuwih dipikalandep ku balaréa.***

Diberdayakan oleh Blogger.