SENI calung masih kénéh dipikaresep ku sawatara masarakat. Minangka
kasenian asli Sunda, tangtu baé kalumangsunga
nna kudu tuluy dipiara.
Karya seni calung teu meunang saat ti mangsa ka mangsa, sangkan
kahirupanna leuwih manjang, tur leuwih mekar di lingkungan masarakat.
Kilang kitu, nurutkeun E. Koestarman, hirup-huripna seni calung lain baé
gumantung ka seniman calung, tapi ditangtukeun ogé ku masarakat. Seni
calung bakal terus kapiara lamun masarakatna micinta kana éta kasenian.
Wujud kacinta masarakat kana seni calung, diantarana méré kasempetan ka
para seniman pikeun manggung.
”Kiwari seueur para inohong atanapi masarakat anu mngedalkeun rasa
kacinta kana kasenian Sunda. Tapi dina mangsana hajatan, kasenian anu
ditanggap téh kalah kasenian deungeun-deungeun. Tangtos sanés ulah, tapi
anu wijaksana mah sajabina ti nanggap kasenian deungeun téh masihan
lolongkrang ogé ka seniman Sunda, boh calung, jaipongan, atanapi naon
baé. Ku cara kitu, seniman Sunda tiasa hirup...” kitu ceuk E.
Koestarman, basa ditepungan di palinggihanna, Jl. Nagrog No. 31, RT. 02,
RW. 07, Kel. Pasirjati, Kacamatan Ujungberung, Bandung.
E. Koestarman téh leuwih dipikawanoh ”Kang Épot”. Lamun di wewengkon
Nagrog nanyakeun imahna ogé, moal bireuk deui kana ngaran Épot mah.
Pasti bakal langsung naruduhkeun ka hiji imah anu ngadeg gigireun Masjid
Miftahul Falah. Kang Épot katelah ahli seni, anu ngaluluguan grup
angklung, anu dingaranan Épot Grup. Nya, ti saprak ngadeg grup calung
Epot, ngaran Sutarman mah geus ampir kapopohokeun, da leuwih nelah Kang
Epot.
Kang Épot téh aslina mah urang Sumedang. Lahir di Buahdua, Sumedang, 19
Februari 1960. Lahir di lingkungan kulawarga seniman. Ibu-ramana, Pa
Usman jeung Bu Entar, harita ngarojong pisan ka Kang Épot pikeun
neuleuman dunya kasenian. Lantaran réa diantara barayana ogé anu aub
dina kasenian Sunda. Contona mah uwana ahli penca, akina ahli tari
serimpi, bibina ahli nyawér, jeung sajabana. Ku kituna, ti leuleutik,
Kang Épot mindeng pisan diajakan ulin dina panggung. Ti mimiti
ngagoongan nepi ka ngendangan, geus loma pisan dina kahirupan sapopoé.
Matak, kana gending téh geus teu bireuk deui, da puguh jadi bagian tina
kahirupan sapopoéna.
Aya dua pangaresep Épot ti bubudak anu nepi ka kiwari tetep napel,
nyaéta ngadalang jeung nyalung. Baheula, keur jaman budak, Épot sok
ngabantuan bapana ngagaru di sawah. Bari ngagaru téh, Épot teu eureun
hahariringan atawa dadalangan, nurutan rupa-rupa sora badis dalang
wayang golék.
Sakali mangsa, tatanggana aya nu nanggap Dalang Abah Sunarya. Épot mah
lain lalajo siga batur, tapi milu naék kana panggung awahing ku resepna
kana wayang. Tug nepi ka ku bapana disérénkeun ka Abah Sunarya, sangkan
diatik ngadalang di Giri Harja. ”Tapi, pun biang harita lolongséran
payuneun hawu, alimeun papisah sareng Épot...” kitu ceuk Kang Épot
ngumbar panineungan jaman keur budak. Kiwari mah dua sepuhna tos
ngantunkeun.